Numutkeun harti kecapna tatakrama basa téh nyaéta aturan sopan santun atawa atikan ngagunakeun basa. Ari nu dimaksud tatakrama basa Sunda di dieu nyaéta ragam basa Sunda anu dipakéna diluyukeun jeung kaayaan nu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana pikeun silih hormat jeung silih ajénan. Dina paguneman aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun di antarana: Ngaregepkeun nu keur nyarita kudu daria Henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur Nyarita kudu daria, sorana béntés jeung tétéla Nyarita kudu antaré, henteu gancang teuing sarta henteu ngayayay Naon anu dicaritakeun ku urang téh henteu méngpar tina jejer anu keur digunemkeun Nyarita ngagunakeun lentong anu merenah Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah sarta pasemon anu marahmay Sacara gurat badag, kekecapan dina tatakrama basa Sunda téh diwangun ku ragam basa loma jeung ragam basa hormat. Ragam basa hormat diwangun ku ragam basa keur sorangan jeung ragam basa keur ka batur. Ieu di ha...