Skip to main content

Posts

Showing posts from September, 2020

WARTA

  Mikawanoh Warta Warta téh nyaéta katerangan atawa béja ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média massa, boh média citak saperti koran jeung majalah, boh média élektronik saperti radio, televisi, jeung internét. Dina seuhseuhanana mah warta téh dijieun dina wangun tinulis, sabab anu ditepikeun sacara lisan ogé ari dasarna mah warta dina wangun tinulis. Anu matak anu nepikeun warta dina radio atawa televisi disebutna “maca berita”. Henteu sakabéh kajadian atawa hal pantes dijieun warta. Kajadian atawa hal anu bisa dijadikeun warta, upama: 1.      Éta kajadian téh dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balaréa. 2.      Éta kajadian téh dianggap bisa nyumponan kapanasaran balaréa.   5W + 1H Dina warta aya unsur-unsur anu disebut 5W + 1H, nyaéta: Who (saha) What (naon) Why (kunaon) Where (di mana) When (iraha) How (kumaha) Upama ditilik tina adeganana, warta téh diwangun k...

Kaulinan Barudak

MIKAWANOH KAULINAN BARUDAK Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh . Aya kaulinan barudak anu bisa dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, ogé aya kaulinan husus keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan ku barudak lalaki jeung awéwé. Upama nilik kana prak-prakanna , kaulinan barudak téh aya nu kaasup kana olahraga tradisional, aya ogé anu leuwih deukeut kana kasenian. Kaulinan barudak anu mangrupa kasenian biasana diwuwuhan ku kakawihan. Kaulinan barudak awéwé: 1.      Simar 2.      Béklen 3.      Anjang-anjangan 4.      Sondah 5.      Congklak 6.      Éncrak Kaulinan barudak lalaki: 1.      Gatrik 2.      Papanggalan 3. ...