Skip to main content

Tatakrama Basa Sunda


Numutkeun harti kecapna tatakrama basa téh nyaéta aturan sopan santun atawa atikan ngagunakeun basa. Ari nu dimaksud tatakrama basa Sunda di dieu nyaéta ragam basa Sunda anu dipakéna diluyukeun jeung kaayaan nu nyarita, anu diajak nyarita, jeung anu dicaritakeunana pikeun silih hormat jeung silih ajénan. Dina paguneman aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun di antarana: 
  • Ngaregepkeun nu keur nyarita kudu daria
  • Henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur
  • Nyarita kudu daria, sorana béntés jeung tétéla
  • Nyarita kudu antaré, henteu gancang teuing sarta henteu ngayayay
  • Naon anu dicaritakeun ku urang téh henteu méngpar tina jejer anu keur digunemkeun
  • Nyarita ngagunakeun lentong anu merenah
  • Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah sarta pasemon anu marahmay

Sacara gurat badag, kekecapan dina tatakrama basa Sunda téh diwangun ku ragam basa loma jeung ragam basa hormat. Ragam basa hormat diwangun ku ragam basa keur sorangan jeung ragam basa keur ka batur. Ieu di handap aya 40 kecap ngeunaan basa loma jeung basa hormat anu mindeng kénéh dipaké, pék gera ilikan.

No
Basa Loma
Basa Hormat keur Sorangan
Basa Hormat keur Batur
Bahasa Indonesia
1
2
3
4
5
6
7
8
9
10
11
12
13
14
15
16
17
18
19
20
21
22
23
24
25
26
27
28
29
30
31
32
33
34
35
36
37
38
39
40
Anjang/Nganjang
Balik
Bawa/Mawa
Béré/Méré
Beuli/Meuli
Beuteung
Bikeun/Mikeun
Bisa
Cageur
Carita/Nyarita
Cokot/Nyokot
Dahar
Datang
Dénge/Ngadéngé
Embung
Éra
Eungap
Gering
Gering parna
Gero/Ngageroan
Hayang
Héd/Kotoran
Imah
Indit
Jawab/Ngajawab
Kapilih
Maot
Ngajuru
Ngaran
Ngéndong
Nyaho
Pénta/Ménta
Poho
Reuneuh
Sanggup
Saré
Sunat/Nyunatan
Tanya/Nanya
Tawar/Nawar
Tempo/Ténjo
Ngadeuheus
Wangsul
Ngabantun
Masihan/Maparin
Mésér
Padaharan
Masihkeun/Nyanggakeun
Tiasa
Pangéstu
Nyanggem/Sasanggem
Ngabantun
Neda
Dongkap
Nguping
Alim
Isin
Sesek
Udur
Udur répot
Nyauran
Hoyong
Udur Sasih
Rorompok
Mios
Ngawalon
Kapeto
Tilar dunya/Ngantunkeun
Ngalahirkeun
Wasta/Nami
Mondok
Terang
Neda/Nyuhunkeun
Hilap
Kakandungan
Sanggem
Mondok
Ngaberesihan
Naros
Nawis
Tingal
Natamu
Mulih
Nyandak
Ngahaturan/Ngalélér
Ngagaleuh
Patuangan/Lambut
Maparinkeun
Iasa
Damang/Saé
Nyarios/Sasauran
Nyandak
Tuang
Sumping
Ngadangu
Teu kersa
Lingsem
Ampeg
Teu damang
Teu damang wales
Ngagentraan
Palay
Kareseban
Bumi
Angkat
Ngawaler
Kaselir
Pupus
Babar
Jenengan/Kakasih
Ngawengi
Uninga
Mundut
Lali
Bobot/Ngandeg
Kersa
Kulem
Nyepitan
Mariksa
Mundut
Tingali
Bertamu
Pulang
Membawa
Memberi
Beli/Membeli
Perut
Memberi
Bisa
Sehat
Cerita/Bercerita
Mengambil
Makan
Datang
Dengar/Mendengar
Tidak mau
Malu
Sesak Napas
Sakit
Sakit parah
Panggil/Memanggil
Ingin
Menstruasi
Rumah
Pergi
Jawab/Menjawab
Terpilih
Meninggal
Melahirkan
Nama
Menginap
Tahu
Minta
Lupa
Hamil
Sanggup
Tidur
Khitan
Tanya/Bertanya
Tawar/Menawar
Lihat/Melihat

Referensi:
Faturohman, T., spk. 2017. Gapura Basa: Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VII. Bandung: Geger Sunten

Popular posts from this blog

Wangenan Carita Pondok

Mikawanoh Carpon Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé. Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh. Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek...

Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng Dongéng nyaéta wangun karya sastra, rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan . Pamohalan nyaéta teu kaharti ku akal atawa teu logis. Pamohalan téh boh palakuna, paripolah palakuna, boh tempat jeung waktu lumangsungna carita. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah atawa bisa ngomong kawas jelema. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan  anu ngarangna. Dongéng dina basa Sunda téh aya sababaraha wanda dumasar kana eusi jeung palakuna nyaéta fabel, sasakala, sagé (babad) jeung parabel. Dongéng fabel atawa sasatoan nyaéta dongéng anu palakuna sastoan contona aya dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”, “Peucang Keuna ku Leugeut” jeung “Gajah éléh ku Sireum”. Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang atawa hal séjénna sapertos dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nu boga lalakonna Sangkuriang téa, jeung “Sasakala Gagak Buluna Hideung”. Dongéng sagé atawa babad atawa sok dise...

Mikawanoh Pangalaman Pribadi

Pangalaman t éh nya éta sagala rupa anu kaalaman ku hiji jalma. Aya pangalaman sapopo é, nya éta pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Aya deui pangalaman anu dianggap luar biasa, nya éta pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Pangalaman luar biasa mah bisa jadi ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup. Patalina jeung rarasaan, pangalaman t éh aya anu pikaresepeun, pikabungaheun, pikasieuneun, pikaseurieun, pikasediheun jeung sajabana.  Pangalaman hiji jalma moal sarua jeung pangalaman jalma s éj énna. Bisa jadi kajadianna mah sarua, tapi karasana ku jalma anu b éda-b éda mah moal sarua, malah aya kalana b éda pisan. Nyaritakeun pangalaman teu kudu panjang-panjang, anu penting mah pesen nu ku hidep r ék ditepikeun nepi ku nu maca atawa ngadangukeun.  Contona: Pangalaman anu pikabungaheun kanggo abdi, nya éta waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa. Basa liburan sakola, abdi sakulawarga indit ka Pangandaran. ...