Skip to main content

Kaulinan Barudak

MIKAWANOH KAULINAN BARUDAK

Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh. Aya kaulinan barudak anu bisa dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, ogé aya kaulinan husus keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan ku barudak lalaki jeung awéwé.

Upama nilik kana prak-prakanna, kaulinan barudak téh aya nu kaasup kana olahraga tradisional, aya ogé anu leuwih deukeut kana kasenian. Kaulinan barudak anu mangrupa kasenian biasana diwuwuhan ku kakawihan.

Kaulinan barudak awéwé:

  • 1.     Simar
  • 2.     Béklen
  • 3.     Anjang-anjangan
  • 4.     Sondah
  • 5.     Congklak
  • 6.     Éncrak

Kaulinan barudak lalaki:

  • 1.     Gatrik
  • 2.     Papanggalan
  • 3.     Langlayangan
  • 4.     Kolécér
  • 5.     Sorodot gaplok
  • 6.     Jajangkungan
  • 7.     Ngadu kaléci
  • 8.     Pepeletokan

Kaulinan barudak lalaki jeung awéwé:

  • 1.     Galah
  • 2.     Gobag
  • 3.     Oray-orayan
  • 4.     Ambil-ambilan
  • 5.     Ucing sumput
  • 6.     Sapintrong
  • 7.     Boy-boyan
  • 8.     Pacici-cici putri
  • 9.     Ucing-ucingan
  • 10.  Empét-empétan
  • 11.  Sasalimpetan
  • 12.  Hahayaman
  • 13.  Ucing beling
  • 14.  Cingciripit
  • 15.  Peupeusingan

Kaulinan nu dibarung ku kakawihan:

  • 1.     Oray-orayan
  • 2.     Cingciripit
  • 3.     Pacici-cici putri
  • 4.     Pérépét jéngkol
  • 5.     Slépdur
  • 6.     Ambil-ambilan
  • 7.     Paciwit-ciwit lutung
  • 8.     Eundeuk-eundeukan
  • 9.     Pacublek-cublek uang
  • 10.  Ucang anggé

 

KAKAWIHAN

Kakawihan atawa kakawihan barudak biasa dikawihkeun ku barudak. Pangna kitu téh ku sabab kakawihan raket patalina jeung kaulinan barudak. Kakawihan téh karya balaréa, hartina henteu kanyahoan saha anu ngarangna. Sumebarna tatalépa sacara lisan.

Conto kakawihan, méméh prung nangtukeun ucingna heula bari dikawihkeun:

 

Hompimpah alaikum gambréng

Ma Ijah maké baju rombéng

 

Conto kakawihan lainna:

 

Eundeuk-eundeukan

Eundeuk-eundeukan, lagondi

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini

Beunang deui ku aki

Leupas deui ku aki

Beunang deui ku nini

(Dikawihkeun bari eundeuk-eundeukan dina tangkal)

 

Ayang-Ayang Gung

Ayang-ayang Gung

Gung goongna ramé

Ménak Ki Mas tanu

Nu jadi wadana

Naha manéh kitu

Tukang olo-olo

Loba anu giruk

Ruket jeung kumpeni

Niat jadi pangkat

Katon kagoréngan

Ngantos kanjeng Dalem

Lempa-lempi lempong

Ngadu pipi jeung nu ompong

Jalan ka Batawi ngemplong

(Dikawihkeun bari leumpang ayang-ayangan)

 

Cingcangkeling

Cingcangkeling

Manuk cingkleung cindeten

Plos ka kolong

Bapa Satar buleneng

 

Kosa Kecap

Kamonésan: keterampilan, bakat.

Rinéh: santai, waktu senggang, waktu luang.

Prak-prakanna: pelaksanaan.

Diwuwuhan: ditambah

Dikawihkeun: dinyanyikan

Balaréa: semua orang

Sumebar: menyebar

Tatalépa: memberi tahu, sharing

Méméh: sebelum

Prung: mulai


Referensi; Gapura Basa: Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII; Geger Sunten (Faturohman, 2017)

Popular posts from this blog

Wangenan Carita Pondok

Mikawanoh Carpon Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé. Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh. Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek...

Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng Dongéng nyaéta wangun karya sastra, rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan . Pamohalan nyaéta teu kaharti ku akal atawa teu logis. Pamohalan téh boh palakuna, paripolah palakuna, boh tempat jeung waktu lumangsungna carita. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah atawa bisa ngomong kawas jelema. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan  anu ngarangna. Dongéng dina basa Sunda téh aya sababaraha wanda dumasar kana eusi jeung palakuna nyaéta fabel, sasakala, sagé (babad) jeung parabel. Dongéng fabel atawa sasatoan nyaéta dongéng anu palakuna sastoan contona aya dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”, “Peucang Keuna ku Leugeut” jeung “Gajah éléh ku Sireum”. Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang atawa hal séjénna sapertos dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nu boga lalakonna Sangkuriang téa, jeung “Sasakala Gagak Buluna Hideung”. Dongéng sagé atawa babad atawa sok dise...

Mikawanoh Pangalaman Pribadi

Pangalaman t éh nya éta sagala rupa anu kaalaman ku hiji jalma. Aya pangalaman sapopo é, nya éta pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Aya deui pangalaman anu dianggap luar biasa, nya éta pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Pangalaman luar biasa mah bisa jadi ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup. Patalina jeung rarasaan, pangalaman t éh aya anu pikaresepeun, pikabungaheun, pikasieuneun, pikaseurieun, pikasediheun jeung sajabana.  Pangalaman hiji jalma moal sarua jeung pangalaman jalma s éj énna. Bisa jadi kajadianna mah sarua, tapi karasana ku jalma anu b éda-b éda mah moal sarua, malah aya kalana b éda pisan. Nyaritakeun pangalaman teu kudu panjang-panjang, anu penting mah pesen nu ku hidep r ék ditepikeun nepi ku nu maca atawa ngadangukeun.  Contona: Pangalaman anu pikabungaheun kanggo abdi, nya éta waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa. Basa liburan sakola, abdi sakulawarga indit ka Pangandaran. ...