Skip to main content

WARTA

 Mikawanoh Warta

Warta téh nyaéta katerangan atawa béja ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média massa, boh média citak saperti koran jeung majalah, boh média élektronik saperti radio, televisi, jeung internét.

Dina seuhseuhanana mah warta téh dijieun dina wangun tinulis, sabab anu ditepikeun sacara lisan ogé ari dasarna mah warta dina wangun tinulis. Anu matak anu nepikeun warta dina radio atawa televisi disebutna “maca berita”.

Henteu sakabéh kajadian atawa hal pantes dijieun warta. Kajadian atawa hal anu bisa dijadikeun warta, upama:

1.     Éta kajadian téh dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balaréa.

2.     Éta kajadian téh dianggap bisa nyumponan kapanasaran balaréa.

 

5W + 1H

Dina warta aya unsur-unsur anu disebut 5W + 1H, nyaéta:

  • Who (saha)
  • What (naon)
  • Why (kunaon)
  • Where (di mana)
  • When (iraha)
  • How (kumaha)

Upama ditilik tina adeganana, warta téh diwangun ku puhu warta jeung eusi warta. Bagéan puhu warta ngébréhkeun inti ataw poko-poko tina sagemblengna eusi warta. Ari bagéan eusi warta mangrupa wincikan atawa katerangan tina inti warta anu aya dina bagéan puhu warta. Anu matak upama urang hayang nyaho inti jeung jejer tina hiji warta, baca baé bagéan puhu wartana. Puhu warta téh mangrupa paragraf munggaran dina warta.

Nulis warta téh teu sagawayah. Aya deui palanggeran anu disebut Kodé étik Jurnalistik, diantarana baé kudu miboga sikep “asas praduga tak bersalah” atawa “henteu nyanyahoanan”. Anu matak tomg kagét upama dina warta urang mndeng manggihan kecap “diduga” atawa “diperkirakan”. Jadi henteu gampang nuduh salah, lamun tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum.

Warta mah diperedih salawasna kudu objéktif, kudu nétral. Henteu mihak ka salahsahiji pihak atawa golongan, henteu kacampuran ku opini atawa sawangan jeung pamadegan pribadi nu nulisna. Warta salawasna kudu dumasar kana fakta atawa aya sumberna. Jadi henteu cukup ku diwangwang atawa dipapantes ku nu nulisna. Ari nu nulis warta disebutna wartawan, jurnalis, juru warta, atawa réporter.

Popular posts from this blog

Wangenan Carita Pondok

Mikawanoh Carpon Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé. Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh. Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek...

Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng Dongéng nyaéta wangun karya sastra, rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan . Pamohalan nyaéta teu kaharti ku akal atawa teu logis. Pamohalan téh boh palakuna, paripolah palakuna, boh tempat jeung waktu lumangsungna carita. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah atawa bisa ngomong kawas jelema. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan  anu ngarangna. Dongéng dina basa Sunda téh aya sababaraha wanda dumasar kana eusi jeung palakuna nyaéta fabel, sasakala, sagé (babad) jeung parabel. Dongéng fabel atawa sasatoan nyaéta dongéng anu palakuna sastoan contona aya dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”, “Peucang Keuna ku Leugeut” jeung “Gajah éléh ku Sireum”. Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang atawa hal séjénna sapertos dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nu boga lalakonna Sangkuriang téa, jeung “Sasakala Gagak Buluna Hideung”. Dongéng sagé atawa babad atawa sok dise...

Kaulinan Barudak

MIKAWANOH KAULINAN BARUDAK Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh . Aya kaulinan barudak anu bisa dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, ogé aya kaulinan husus keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan ku barudak lalaki jeung awéwé. Upama nilik kana prak-prakanna , kaulinan barudak téh aya nu kaasup kana olahraga tradisional, aya ogé anu leuwih deukeut kana kasenian. Kaulinan barudak anu mangrupa kasenian biasana diwuwuhan ku kakawihan. Kaulinan barudak awéwé: 1.      Simar 2.      Béklen 3.      Anjang-anjangan 4.      Sondah 5.      Congklak 6.      Éncrak Kaulinan barudak lalaki: 1.      Gatrik 2.      Papanggalan 3. ...