Skip to main content

Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng
Dongéng nyaéta wangun karya sastra, rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan. Pamohalan nyaéta teu kaharti ku akal atawa teu logis. Pamohalan téh boh palakuna, paripolah palakuna, boh tempat jeung waktu lumangsungna carita. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah atawa bisa ngomong kawas jelema. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan  anu ngarangna.

Dongéng dina basa Sunda téh aya sababaraha wanda dumasar kana eusi jeung palakuna nyaéta fabel, sasakala, sagé (babad) jeung parabel. Dongéng fabel atawa sasatoan nyaéta dongéng anu palakuna sastoan contona aya dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”, “Peucang Keuna ku Leugeut” jeung “Gajah éléh ku Sireum”. Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang atawa hal séjénna sapertos dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nu boga lalakonna Sangkuriang téa, jeung “Sasakala Gagak Buluna Hideung”. Dongéng sagé atawa babad atawa sok disebut ogé dongéng sajarah, mangrupikeun dongéng nu aya patalina jeung tokoh-tokoh sajarah atawa patempatan anu ngandung sajarah. Conto dongéng sajarah nyaéta “Arca Domas”, “Hanjuang di Kutamaya”, “Syéh Maulana Akbar”. Dongéng parabel atawa dongéng jalma biasa nyaéta dongéng anu palakuna jalma biasa. Tokoh dongéng parabel nu kasohor mah aya Kabayan. Conto carita parabel nyaéta “si Kabayan ngala Roay”, “Tukang Cukur Panipuan”.

Unggal wewengkon miboga dongéng séwang-séwangan anu raket patalina jeung kaayaan tempat katut kepercayaan masarakatna. Éta sababna dongéng mangrupa bagian tina folklore atawa carita rakyat. Sababaraha dongéng ti wewengkon Jawa Barat diantarana: 
1.       “Sasakala Gunung Geulis” ti Kabupatén Bandung
2.       “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” ti Kabupatén Bandung Barat
3.       “Sasakala Cigondéwah” ti Kota Bandung
4.       “Sasakala Kampung Kranggan” ti Kabupatén Bekasi
5.       “Sasakala Talaga Warna” ti Kabupatén Bogor
6.       “Putri Kandita” ti Kota Bogor
7.       “Sasakla Maung Panjalu” ti Kabupatén Ciamis
8.       “Jaka Susuruh” ti Kabupatén Cianjur
9.       “Sasakala Parung Bingung” ti Kota Dépok
10.   “Sasakala Curug Pangantén” ti Kota Cimahi
11.   “Sasakala Cisanggarung” ti Kabupatén Cirebon
12.   “Sasakala Gunung Guntur” ti Kabupatén Garut
13.   “Sasakala Indramayu” ti Kabupatén Indramayu
14.   “Sasakala Leuwi Ronggéng” ti Kabupatén Karawang
15.   “Sasakala Awirarangan” ti Kabupatén Kuningan
16.   “Nyi Rambut Kasih” ti Kabupatén Majalengka
17.   “Sasakala Karang Nini jeung Balé Kembang” ti Kabupatén Pangandaran
18.   “Sasakala Pamanukan” ti Kabupatén Subang
19.   “Sasakala Suradé” ti Kabupatén Sukabumi
20.   “Sasakala Sukabumi” ti kota Sukabumi
21.   “Hanjuang di Kutamaya” ti Kabupatén Sumedang
22.   “Sasakala Kalapa Genep” ti Kabupatén Tasikmalaya
23.   “Ki Rangga Gading” ti Kota Tasikmalaya
24.   “Jonggrang Kalapitung” ti Kabupatén Purwakarta

Popular posts from this blog

Wangenan Carita Pondok

Mikawanoh Carpon Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé. Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh. Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek...

Mikawanoh Pangalaman Pribadi

Pangalaman t éh nya éta sagala rupa anu kaalaman ku hiji jalma. Aya pangalaman sapopo é, nya éta pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Aya deui pangalaman anu dianggap luar biasa, nya éta pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Pangalaman luar biasa mah bisa jadi ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup. Patalina jeung rarasaan, pangalaman t éh aya anu pikaresepeun, pikabungaheun, pikasieuneun, pikaseurieun, pikasediheun jeung sajabana.  Pangalaman hiji jalma moal sarua jeung pangalaman jalma s éj énna. Bisa jadi kajadianna mah sarua, tapi karasana ku jalma anu b éda-b éda mah moal sarua, malah aya kalana b éda pisan. Nyaritakeun pangalaman teu kudu panjang-panjang, anu penting mah pesen nu ku hidep r ék ditepikeun nepi ku nu maca atawa ngadangukeun.  Contona: Pangalaman anu pikabungaheun kanggo abdi, nya éta waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa. Basa liburan sakola, abdi sakulawarga indit ka Pangandaran. ...