Skip to main content

Mikawanoh Pangalaman Pribadi

Pangalaman téh nyaéta sagala rupa anu kaalaman ku hiji jalma. Aya pangalaman sapopoé, nyaéta pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal poé. Aya deui pangalaman anu dianggap luar biasa, nyaéta pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa karandapan unggal poé. Pangalaman luar biasa mah bisa jadi ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup.

Patalina jeung rarasaan, pangalaman téh aya anu pikaresepeun, pikabungaheun, pikasieuneun, pikaseurieun, pikasediheun jeung sajabana. Pangalaman hiji jalma moal sarua jeung pangalaman jalma séjénna. Bisa jadi kajadianna mah sarua, tapi karasana ku jalma anu béda-béda mah moal sarua, malah aya kalana béda pisan. Nyaritakeun pangalaman teu kudu panjang-panjang, anu penting mah pesen nu ku hidep rék ditepikeun nepi ku nu maca atawa ngadangukeun. 

Contona:

  1. Pangalaman anu pikabungaheun kanggo abdi, nyaéta waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa. Basa liburan sakola, abdi sakulawarga indit ka Pangandaran. Abdi tiasa ningal éndahna laut Pangandaran. Abdi gé naék parahu nepika nyebrang ka Pantai Pasir Putih. Tangtu waé, abdi kokojayan di sisi basisir. Abdi mah resep pisan ngojay, nyoo cai bari gogonjakan jeung dulur-dulur.
  2. Pangalaman anu pikareueuseun kanggo abdi, nyaéta waktos abdi janten juara kahiji pasanggiri ngadongéng tingkat kota. Basa kelas 5 SD, abdi dipiwarang ku Bu Guru kanggo ngawakilan sakola. Abdi dilatih ku Bu Guru unggal dinten sangkan wani nyarita dipayuneun girang pangajén jeung panongton. Abdi ngaraos reueus janten juara katilu tina puluhan pamilon. Abdi ogé reueus pisan tiasa ngawakilan jeung ngawangikeun nami sakola.

Hidep bisa nuliskeun pangalaman mangrupa karangan. Sangkan ngalancarkeun dina nuliskeunana, alusna mah nyeiun heula rangkay karanganana. Rangkay karanagan téh eusina mangrupa poko-poko pikiran anu ku urang rék ditulis. Saterusna éta rangkay tv dijadikeun padoman, anu bisa dimekarkeun deui jadi sababaraha paragraf.

Urang bisa nyieun rangkay karangan dina wangun kalimah wawaran, sapertos conto anu di luhur atawa kalimah pananya. Anu leuwih gampang mah upama urang ngagunakeun kalimah pananya maké rumus 5W 1H nyaéta:

1. What (naon caritana)
2. Who (saha waé nu aya dina carita)
3. When (iraha kajadianana)
4. Where (dimana kajadianana)
5. Why (naha bisa kitu kajadianana)
6. How (kumaha bisa kajadian atawa kaalaman)


Catetan:

Karandapan = dialami/menimpa
gogonjakan = bermain/bercanda
pikareueuseun = membanggakan
reueus = bangga
pasanggiri = lomba
rangkay = kerangka (karangan)
dimekarkeun = dikembangkan

Referensi Gapura Basa Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VII, Geger Sunten ku Taufik Faturohman, spk.

Popular posts from this blog

Wangenan Carita Pondok

Mikawanoh Carpon Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé. Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh. Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek...

Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng Dongéng nyaéta wangun karya sastra, rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan . Pamohalan nyaéta teu kaharti ku akal atawa teu logis. Pamohalan téh boh palakuna, paripolah palakuna, boh tempat jeung waktu lumangsungna carita. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah atawa bisa ngomong kawas jelema. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan  anu ngarangna. Dongéng dina basa Sunda téh aya sababaraha wanda dumasar kana eusi jeung palakuna nyaéta fabel, sasakala, sagé (babad) jeung parabel. Dongéng fabel atawa sasatoan nyaéta dongéng anu palakuna sastoan contona aya dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”, “Peucang Keuna ku Leugeut” jeung “Gajah éléh ku Sireum”. Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang atawa hal séjénna sapertos dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nu boga lalakonna Sangkuriang téa, jeung “Sasakala Gagak Buluna Hideung”. Dongéng sagé atawa babad atawa sok dise...