Mikawanoh Carpon
Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa
lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung
dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi
napak dina kanyataan hirup sapopoé.
Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok.
Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya
nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu
ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika
réngsé téh.
Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun
saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur
kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho
ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina
novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu
palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek palakuna ogé teu
kagambar kalawan gembleng kawas dina novel. Pangna kitu téh lantaran kahéngkér
ku carita anu “kudu pondok” téa.
Ilaharna pangarang sok ngagunakeun palaku “kuring” atawa “manéhna”.
Carpon kaasup kana prosa fiksi nyaéta karangan ciptaan, hartina lain kajadian
saenyana, sanajan diréka saperti anu enya-enya kajadian.
Carpon miboga unsur-unsur sakumaha ilaharna prosa fiksi
lianna, saperti dongéng jeung novel anu ngawengku téma (jejer), palaku, latar,
alur, jeung amanat. Téma disebut ogé jejer nyaéta inti pikiran atawa puseur
implengan pangarang anu kagambar dina karyana. Pikeun nangtukeun hiji téma,
urang kudu maca carita sagemblengna.
Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran anu
ngalalakon dina carita. Loba saeutikna palaku gumantung kana kabutuh caritana
baé. Umumna palaku dina carpon leuwih saeutik tibatan palaku novel. Dumasar
kana kalungguhan dina carita palaku téh aya nu disebut palaku utama, palaku
kadua, jeung palaku tambahan. Sanajan ukur ciciptaan (fiksi) palaku téh hirup
sakumaha ilaharna manusa biasa. Diantarana baé boga kahayang jeung pasipatan
(karakter) anu tangtu.
Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar
waktu. Latar tempat nuduhkeun di mana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun
iraha kajadianana.
Alur atawa plot nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun jalan
carita. Cara midangkeunana diluyukeun jeung tujuan anu hayang dihontal ku
pangarang. Kaasup nangtukeun heula pandeurina hubungan kajadian nu hiji jeung
kajadian séjénna.
(Dicutat tina: Gapura Basa: Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII; Geger Sunten (Faturohman, 2017)