Conto:
Gita: Sampurasun
Nada: Rampés
Gita: Kumaha damang, Nad?
Nada: Alhamdulillah, pangéstu. Kumaha sawalerna?
Gita: Alhamdulillah, pangéstu.
Conto:
Haris: Bapa, punten abdi neda widi badé ka jamban.
Pa Jaka: Mangga.
Nganuhunkeun (Berterima Kasih)
Conto:
Zidan: Bal, hatur nuhun ulemanna, insya Alloh abdi badé dongkap sareng pun bapa.
Iqbal: Sawangsulna, Dan. Diantos pisan kasumpingan Zidan sareng tuang rama.
Hampura (Meminta Maaf)
Conto:
Dani: Bu, hapunten sateuacana, abdi teu acan ngerjakeun tugas minggon kamari, jalaran abdi téh udur kénéh.
Amit (Berpamitan)
Conto:
Ratna: Del, abdi badé wangsul heula.
Dela: Muhun mangga, Na.
Conto:
Zahra: Bu, sanés kirang sono, abdi neda widi badé wangsul ti payun.
Bu Eka: Meni énggal-énggal teuing uihna atuh.
Zahra: Kaleresan tos dijemput ku pun biang.
Bu Eka: Muhun atuh, mangga. Salam baktos ka tuang ibu, nya.