Skip to main content

PAGUNEMAN

Kompetensi Dasar

u3.1 Memahami dan megidentifikasi kaidah, bentuk, struktur teks, dan aspek kebahasaan paguneman tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin, mengucapkan terima kasih, dan meminta maaf
u3.2 Menyusun dan mendemonstrasikan teks paguneman tentang menyapa, memperkenalkan diri, berpamitan, meminta izin, mengucapkan terima kasih, dan meminta maaf serta menanggapinya dengan memerhatikan fungsi social, struktur teks, dan unsur kebahasaan yang benar dan sesuai konteks

Wawanohan (Perkenalan)
Kumaha upama wawanohan nganggo basa Sunda téh?

     Sacara gurat badag, aya tilu bagéan dina wawanohan nyaéta bubuka, eusi, panutup.

BUBUKA
Dina kalimah bubuka tiasa nganggo kecap salam sapertos:
uAssalamualaikum….
uSampurasun….
uWilujeng enjing…. (selamat pagi)
uWilujeng siang…. (selamat siang)
Wilujeng wengi…. (selamat malam)

dilajengkeun kana:
uNepangkeunwasta pun ….
uNepangkeunnami abdi ….
EUSI

Hidep tiasa nambihan sababaraha hal ngeunaan diri hidepsupados batur téh langkung wanoh deuimisalna:

uBabar (Lahir); abdi dibabarkeun di …. dina kaping/ping ….
uKawit (berasal dari mana); abdi kawit ti ….
uPadumukan (tempat tinggal); padumukan abdi di ….
uAsal sakola (asal sekolah); Kawit sakola ti SD ….
uKalangenan (hobi); Kalangenan abdi téh ….
uCita-citaCita-cita hoyong janten ….    

PANUTUP
Dina kalimah panutup hidep tiasa nambihan:
uHatur nuhun kana perhatosan ….
uSalam pangwanoh ka ….
uWassalamualaikum

________________________________________________

Pék aos ieu conto wawanohan di handap!
Conto Kahiji:
     Assalamualaikum. Sampurasun. Nepangkeun, wasta pun Yayan Sopian, kawit sakola ti SDN Tikukur 2, Bandung. Abdi dibabarkeun di Cirebon dina kaping 5 Agustus 2007. Padumukan abdi di Sadangsérang caket sareng terminal. Abdi resep pisan maca buku sareng ngojay. Upami cita-cita mah hoyong janten guru olahraga. Mung sakitu ti abdi, salam pangwanoh ka sadayana. Hatur nuhun. Wassalamualaikum.

Conto Kadua:
     Assalamualaikum. Sampurasun. Wilujeng énjing sadayana. Nepangkeun, wasta abdi Néng Rani. Abdi dibabarkeun di Sumedang dina ping 10 Februari 2008. Kawit sakola mah ti SDN 093 Jakarta Pusat. Rorompok ayeuna di Jalan Gagak caket sareng bumi Yayan. Kalangenan abdi téh masak, miara pepelakan sareng maca buku. Abdi gaduh cita-cita hoyong janten pangusaha. Hatur nuhun kana perhatosan réréncangan sadayana. Wassalamualaikum.

Kosa Kecap (Kosa Kata):
Rorompok à Rumah (digunakan untuk kepunyaan diri sendiri)
Bumi à Rumah (digunakan untuk menunjukan kepunyaan orang lain)
Miara à memelihara
Pepelakan à tumbuhan
Ngojay à renang

Popular posts from this blog

Wangenan Carita Pondok

Mikawanoh Carpon Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah, carpon téh sarua jeung dongéng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé. Pangna disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun. Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh. Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-watek...

Wangenan Dongéng Basa Sunda

Dongéng Dongéng nyaéta wangun karya sastra, rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan . Pamohalan nyaéta teu kaharti ku akal atawa teu logis. Pamohalan téh boh palakuna, paripolah palakuna, boh tempat jeung waktu lumangsungna carita. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah atawa bisa ngomong kawas jelema. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan  anu ngarangna. Dongéng dina basa Sunda téh aya sababaraha wanda dumasar kana eusi jeung palakuna nyaéta fabel, sasakala, sagé (babad) jeung parabel. Dongéng fabel atawa sasatoan nyaéta dongéng anu palakuna sastoan contona aya dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”, “Peucang Keuna ku Leugeut” jeung “Gajah éléh ku Sireum”. Dongéng sasakala nyaéta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang atawa hal séjénna sapertos dongéng “Sasakala Gunung Tangkuban Parahu” nu boga lalakonna Sangkuriang téa, jeung “Sasakala Gagak Buluna Hideung”. Dongéng sagé atawa babad atawa sok dise...

Mikawanoh Pangalaman Pribadi

Pangalaman t éh nya éta sagala rupa anu kaalaman ku hiji jalma. Aya pangalaman sapopo é, nya éta pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Aya deui pangalaman anu dianggap luar biasa, nya éta pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa karandapan unggal po é. Pangalaman luar biasa mah bisa jadi ngan ukur karandapan sakali dina saumur hirup. Patalina jeung rarasaan, pangalaman t éh aya anu pikaresepeun, pikabungaheun, pikasieuneun, pikaseurieun, pikasediheun jeung sajabana.  Pangalaman hiji jalma moal sarua jeung pangalaman jalma s éj énna. Bisa jadi kajadianna mah sarua, tapi karasana ku jalma anu b éda-b éda mah moal sarua, malah aya kalana b éda pisan. Nyaritakeun pangalaman teu kudu panjang-panjang, anu penting mah pesen nu ku hidep r ék ditepikeun nepi ku nu maca atawa ngadangukeun.  Contona: Pangalaman anu pikabungaheun kanggo abdi, nya éta waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa. Basa liburan sakola, abdi sakulawarga indit ka Pangandaran. ...